23 Agustus 2012

PUISI BAHASA SUNDA




HIRUP
Oleh Ato Paskal

Hirup lir ibarat lengkah

Sing ati ati tur tarapti
nincak ulah ngan saukur lengkah
bari komo jeung dudupak rurumpak
bisi manggih beling nu pastina bakal nyugak

Hirup jeung kahirupan

lir ibarat lengkah jeung tujuan
lengkah merenah nu ku dilampah
tinangku barokah tujuan 
nu ku urang baris kahontal

Panggoda dunya tong dijadikeun alasan

pikeun ngalengkah salah
lantaran bala tangtuna bakal karasa

Kamajuan dunya 

kudu dibarengan ku motekar akal
jeung lengkah nu basajan
lengkah merenah kahirupa barokah

ANAKING
Ato Suharto

Anaking...

regepkeun piwuruk ema hidep
sangkan hirup rahayu
jeng berkah tur bagja

Anaking..

tiru jeng gugu pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra
aya dina diri ema

Bapa bagja rumah tangga jeung ema

najan kadang sok manggih tunggara
ema tetep ngawula ka bapa
pinuh ku rasa katresna

Anaking..

hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling

Anaking..

hideup geus nincak mangsa dewasa
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka

Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara

teu boga tanah nu lega
komo deui emas permata

Bapak jeung ema ngan boga do'a

sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di surga
CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA
Ato Suharto

Rundayan carita mangsa harita

masih natra dina rasa
tatali asih nu mengkeut pageuh
nepi ka kiwari tetep euntreup
kawas si leugeut teureup

Katresna teu ilang singray

najan umur rek nepi ka kubur
kasono teu weleh pogot
najan jiwa geus teu deui ngora

Duh Gusti nu maha welas tur asih

jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini
teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri

Nyai panutan akang

kasatiaan modal utama
ulah nepi ka dirogahala
ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara

Kabagjaan lain diukur ku lobana brana

lain dihias kureuncemna emas
kabagjaan pasti nyaangan urang
mun iman jeung takwa jadi sareat urang
dina enggoning ngabangun rumah tangga

Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna

urang jaga ulah nepi ka sirna
sangkan urang tetep waluya
nepi ka pantona sorga..

Amin....

URANG JEUNG WAYANG
Ato Suharto

Kiwari lain kamari tapi ayeuna

Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel
naratas jalan sangkan lolongkrang,
teu katutupan jalan

Lumampah di alam dunya

ceunah darma wawayangan
usik malik diobah ku dalang

Tapi urang lain wayang

sabab wayang moal boga kahayang,
da wayang mangrupa barang

Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang

hayang tandang, pakan jeung sandang
sabab urang boga akal jeung pikiran
lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang

Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati

tuluy jadi hoream ngahontal kahayang
gagal lain hartina lengiteun akal
tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun
rurungkan nu ngahalangan jalan

Sing percaya kana diri

nu dianti pasti ngawujud bukti
asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci

Urang beda jeung wayang

lantaran urang boga akal jeung pikiran
wayang ngan ukur parabot dalang
nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan


KASATIAAN ANJEUN
Ato Suharto

Dua puluh taun urang ngawangun

juntrung nangtung, panceg teu gedag
sagara rumah tangga nu ku urang di sorang
teu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang

Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantaran

kabagjaan nu pohara, najan banda ngan saayana
kasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akang
mun rek nganjang ka mojang lian

Geulis...

pupusten rasa nu ayeuna aya
sangkan rumah tangga tetep waluya
nepi ka umur pegat di dunya

Geulis...

jaga sing tarapti pangaji diri
sangkan Illahi masihan widi
laki rabi urang sing nepi ka aki nini

Geulis...

buah katresna urang
geus parawan jeung geus bujang
rawat ku sayahadat tur shalat
sangkan hirupna bisa mangfaat keur umat


KATRESNA AKANG
Ato Suharto

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,

moal leeh ku serabna panon poe
najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang
cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajati

satungtung anjeun satuhu
nyumponan kawajiban ka caroge
akang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akang

tong rempan sanajan urang paanggang
cinta akang lain ngan ukur kalangkang
clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utama

kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa
omat ulah nepi ka dirogahala
kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulis

sing tarapti ngajaga diri
sangkan urang tetep waluya
dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar